Carita Nyambung : Ménak Anyar ( Hanca 6 )

RADÉN  Kanta, ngaran panjangna R. Atmadja Kanta Suramanggala. Kusabab panjang teuing, kahayang manéhna kénéh, ngaran dina KTP cukup baé diserat atawa diketik Radén Kanta. Geus dua kali ka Mekah. Balik ti Mekah anu munggaran , dua poéna langsung nepungan Ulis Apar di balédésa. KTP kudu geura diganti, dina ngaran kudu ditambahan ku huruf  "H", pondokna tina haji. Ulis  Apar rada bingungg ogé, tina lebah mana neundeun huruf "H"-na. Méméh R atawa sanggeus R. Antara H.R. Kanta atawa R. H. Kanta?

" Tanyakeun atuh ka Kadés!" Ceuk Radén Kanta.

Kadés Umar sanggeus meunang béja ti Ulis Apar kaluar ti rohanganna, nepungan Radén Kanta di rohangan Ulis Apar. 

" Kumaha, Pa Kadés? "

" Nya éta mah teu langkung anu gaduh nami, badé palih mana nyimpen huruf "H"-na teu langkung, Pa Kanta." Ceuk Kadés Umar, ari ngomong sabari peureum beunta. 

" Euh, sugan biasana kumaha lamun radén jeung haji nyieun KTP, anu anggeus-anggeus baé kumaha nyeratna, Pa Kadés?"

Kadés Umar mikir.

" Nyaéta nembé ayeuna aya hal siga kieu téh. Ari abdi kumawani nyerat bilih lepat, engkéna bisi ngaganggu kana data kependudukan kabupatén." Ngahuleng. "Kadieu deui wé atuh engké pabeubeurang, ku Si Ulis sina ditanyakeun heula ka kantor Kacamatan kumaha alusna, nya? "

" Nya, heug atuh. Ngan gancang nya, kuring perelu pisan kana éta KTP!"

Nepi ka ayeuna, ngaran dina KTP-na diserat Radén Haji Kanta. Urang lembur Cibodas biasana nyarebut Radén Kanta, Uwa haji, aya ogé anu nyebut haji kumed. Resep nitah ka batur, ari ngaburuhan sok leutik. Nitah ngala kalapa sapuluh tangkal ka barudak, paling gedé dikulian lima pérak. Cukup ku ngomong kieu sakapeung mah, " Kudu ikhlas sia, dititah ku déwék téh, sangkan meunang ganjaran anu gedé tinu Kawasa! "

Mendingan lamun hambur congcot murah bacot mah. Apanan ieu mah anu aya malah pedit ku congcot, goréng babacot.

***

" Éta mah ngan saukur ékol jenat Mang Bakri wé, ngaku-ngaku lamun dirina, Si Acip, jeung incuna turunan ménak. " Radén Kanta ngomong kanu aya di warung Kang Aang.

Nu aya di dinya bati ngabetem balem.

" Turunan ménak mah teu sagawayah. Aya pancakaki anu jelas ti turunan ayeuna nepi ka luhur, ka karuhun-karuhun. Contona kuring, ti bao nepi ka anak kuring, kabéh ogé ngaranna dimimitan ku radén. " Radén Kanta beuki sumanget ngomongkeun dirina sorangan. 

" Wa haji, da sanés saur jenat Abah Bakri wungkul, upami Kang Acip sareng murangkalihna gaduh karuhun ménak téh. Ki Badri sareng Ki Méméd ogé saurna nyarios kitu." Si Parlan milu aub. 

" Eis, teu bisa maké nu kitu, komo bari diimpleng ku cara goib mah. Ieu mah pasoalan anu nyata. Kieu baé, kuring nanya, pernah ngadéngé teu lamun jenat Kang Bakri kungsi nyekel kalungguhan di ieu lembur? " 

Anu aya di dinya silih teuteup.

" Jadi RT jeung RW ogé can pernah pan? Éta baé ukuran ménak mah. Ayeuna bandingkeun jeung kulawarga kuring, ti uyut nepi ka bapa kuring pituin apan pernah jareneng jadi kuwu di ieu lembur, bener pan?" Aya wirahma jumawa dina diri Radén Kanta, ngan kabéh ogé geus ngamalum.

" Naha atuh ari Uwa haji teu jadi RT-RT acan dugi ka danget ieu? " Si Parlan anu wani ngomong, ku anu aya di warung mah dikiceupan sababaraha kali, maksudna tong dilayanan teuing Radén Kanta mah. 

"Can bérés déwék ngajelaskeun téh. Nu kaduana, turunan ménak mah bareunghar, sawah upluk-aplak, réa ketan oge keton. Deuleu ku maranéh imah Si Acip, panggung, leutik, geus réyod, boga sawah ogè apan ngan warisan ti Mang Bakri lain? Tuh, ténjo dulur-dulur déwék, kabéh geus ka Mekah, aya anu jeneng jadi Kapala Dines sagala. Éta bener-bener turunan ménak, lain ukur pangakuan."

*** 
Urang Cibodas jadi apal, robahna tabéat Kang Acip tina bolostrong kana soléh téh boga maksud sangkan dirina meunang pituduh tinu Kawasa ngeunaan karuhun-karuhunna. Tapi masarakat ogé ngarasa kataji ku réngkak paripolah Kang Acip ayeuna. Geus puguh kana ngadu hayam mah geus moal mungkin dilakonan deui. Dina ucap jeung basa ogé béda jeung asalna. Malah leuwih ngalobakeun cicing, jarang ngomong. 

" Mémang kitu kuduna, teu kudu sagala diguar jeung dicaturkeun dina kahirupan sapopoé  mah! " Ceuk mualim Oléh dina hiji poé di warung Kang Aang. " Loba omong mah sok jadi piomongeun, maksud hadé ku basa goréng ku basa téh lain urang kudu loba basa jeung kekecapan. Kudu alus wé dina ngomong." Tambahna tandes.

Harita taun 1973, di éta wewengkon, umumna di sakuliah Tatar Sunda mémang masih loba jalma anu agul lamun dirina turunan ménak. Di Sakola, Radén Kanta kungsi adat-adatan pédah Si Ikin, budakna, ku guru sakola teu ditambahan huruf "R" dina rapotna. Ceuk Radén Kanta ka guru ngomong kieu, " Teu bisa dibeuli anu disebut radén mah , éstu ngocor dina getih kulawargana."

Di Cikundul ogé aya hiji kulawarga, éta mah leuheung menang pangajén ti masarakat jeung dibenerkeun ku urang dinya pituin, kulawarga Pa Sasmita ogé boga karuhun para ménak. Kadituna mah ka Prabu Siliwangi cenah. Tapi teu umaku, biasa waé. Aréra cenah mah ngaran kudu ditambahan Radén sagala, da geus lain usumna.


Dikirim dari ponsel cerdas BlackBerry 10 saya dengan jaringan XL.

Posting Komentar

0 Komentar