Carita Nyambung : Ménak Anyar ( Hanca 8 )

‎Usum katiga geus nepi kana tungtungna, sakeudeung deui arék asup kana usum ngijih. Para patani tara langsung ngaropéa sawah jeung kebon. Sok diantepkeun heula kana sabulan lilana. Kitu kabiasaan di lembur dina méré rénghap ka alam. Dua minggu ka tukang aya kariaan dina raraga tanda sukur kanu Kawasa, panén taun ieu bisa disebut mucekil. Dua usum dina sataun urang Cibodas jeung wewengkon sabudeureunna manén paré jeung tatanén lianna.

Kariaan dina usum panén mangrupa bukti lain agama. Bukti rasa sukur ka Gusti dibarengan ku nganuhunkeun ka alam anu geus merhatikeun pangabutuh urang lembur. Tatabeuhan, nyekar jeung nembang, nepi ka ngayakeun gendang penca dina peutingna. Kadés Umar meredih sangkan urang Cibodas usukan-asakan, numpeng, jeung nyiapkeun sagala rupana. Bapa Camat diondang, arék méré pangdeudeul dina acara utama kariaan.

Tiap paguron ngirimkeun para pamilon silatna. Salila tilu poé mah kaayaan lembur ramé, haneuteun. Jadi udagan anu daragang, naon baé didagangkeun, da geus pasti laku tur ludes pada meulian. Karesep barudak nyaéta inumna anu nyereng, tina sodah, sitrun, digulaan. Diinum dina gelas leutik, tangtu baé anu nginumna bakal katénjo peupeureudeuyan. Dina acara kariaan taunan éta, masarakat surti, tatabeuhan teu meunang kaluar tina tetekon anu geus digariskeun ku para karuhun. Béda jeung kariaan ngawinkeun budak atawa nyunatan, bisa dieusi ku dangdutan atawa hiburan séjén. Ieu mah acara tanda sukur, kudu dieusi ku upacara anu geus digariskeun ku para karuhun.

Aya sababaraha kariaan jeung upacara-upacara tradisi anu dicekel pageuh ku masarakat di éta wewengkon; tahlilan, samen, kawinan, nyunatan, tawasulan, mapag panén, jeung mapag tandur. Kabéh ngajadi hiji jeung kahirupan di masarakat, tapi béda dina ngeusi eta kariaan.
Mapag panén dilakonan méméh panén, mapag tandur dilakonan méméh melak deui paré. Ieu kariaan dilakonan ku upacara jeung acara anu daria, teu bisa dirobah komo diganti ku anu séjén, tetekon jeung ugeran dipaké. Dilaksanakeun dua bulan saheuleut reujeung.

Poé kahiji dieusi ku upacara adat, lamun dina mapag panén masarakat diperedih kudu ngalobakeun ritual, siga ngukus, nabeuh gamelan, tahlilan, jeung tawasulan. Dina mapag tandur mah masarakat diperedih ngumpulkeun hasil tatanén di imah Kadés, diasakan babarengan, dituluykeun ku sukuran di balédésa, tempatna matuh. Éta dilakonan poé kahiji.

Poé kaduana, masarakat indit babarengan ka sawah, rupaning sasajén disiapkeun, tumpeng jeung unak-anikna, ngukus, dariuk di hiji sawah anu lega, dibuka ku salah saurang inohong anu apal cangkem kana solawat, macapat, maca hadiah ka karuhun-karuhun anu geus tilar, ngukus, dituluykeun ku maca doa babarengan. Upacarana ku ngawurkeun satolok paré kana pabinihan, tiap awuran dibacakeun bismillah jeung jangjawokan. Kabéh jalma, utamana para patani, ngalaman hal anu dipinuhan ku rasa husu, diri anu deukeut jeung Gusti, ogé rasa anu kabeungkeut ku kahirupan di ieu alam.

Poé katilu mah dieusi ku rupa-rupa kariaan. Degung, jaipong, jeung gendang penca. Leuwih ti éta teu bisa! Kitu kuduna.

Para inohong Cibodas ngajar panghareupna dina acara mapag tandur poé ka dua. Samak tina daun pandan diamparkeun, jalma-jalma dariuk daria dibarengan ku husu, malik ka geulah kulon, maraké baju beresih, lolobana dipangsi warna bodas nyacas, diiket, ngaronyok teu béda jeung arék nedunan solat lebaran di lapang. Para inohong mah pakéanna saragam, diiket warna bodas, baju pangsi jeung kamprét bodas, dicalana komprang, samping dibeungkeutkeun kana cangkéng. Dariuk ngajajar, Kadés Umar, para RW jeung RT, mualim Oléh, marbot masigit, jeung jalma-jalma anu dianggap salaku pinisepuh di éta lembur.

Acara dimimitian ku dibacakeunna hadiah jeung macapat ku mualim Oléh, salaku kyai anu dipikolot. Jep jempling, simpé, euweuh saurang ogé anu kumawani ngaharéwos komo ngobrol mah. Mualim Oléh lain bisa ngaji wungkul, ogé apal kana jangjawokan anu biasa dibacakeun dina acara mapag tandur. Bérés hadiah jeung macapatan, mualim Oléh maju kahareup. Kadés Umar dibarengan ku Kang Acip salaku marbot masigit ngagotong paré . Mualim Oléh mapatkeun jampé jeung jangjawokan.

Nurulloh sirulloh
seri ambu leungeun ngadatangkeun
nya aing Ambu Puhaci Ratna Kasih
deudeum sukma pepek langgeng
tan kenang owah.

mangga nyi pohaci
nyimas alamé nyimas mulané
geura ngalih ka gedong manik ratna inten
abdi ngiringan 

ashadu sahadat panata, panetep gama
asahadu anla ila hailéloh
wa ashadu anna Muhammaddarrasolullah
abdi seja babakti kanu sakti, agung tapa
nyanggakeun bangsal paré sapulukan
kukus kuning purba hérang
tuduh kang séséda tuhu
datang ka sang séda hérang
tepi ka kang séda sakti
nu sakti neda kasaktén 
neda deugdeugan tanjeuran*)

Wur! Paré dipurulukeun kana pabinihan ku mualim Oléh, tiap awuran dibarengan ku maca bismillah, diturutan ku kabéh masarakat ku kecap, " nyi pohaci nyanggakeun ieu sapurulukan inten paré anu suci". Saterusna paré diawurkeun minuhan pabinihan. Salah saurang inohong anu geus dipercaya tiap taun ngukus nyaéta Abah Sukma, kunyam-kunyem, tumpeng jeung lalawuhna geus diteundeun panghareupna. Kana sapuluh menit lilana, Abah Sukma peureum diturutan ku anu séjén. Alam ngadadak tiis simpé jeung jempling, hiliwir angin anu nebak kana awak ogé kadéngé écés.

Tiap taun, masarakat Cibodas jeung anu aya di éta wewengkon ngalakonan hal éta. Teu gandéng, euweuh anu nyawad, komo boga maksud ngagogoréng jeung nyalahkeun mah. Ku cara kitu, masarakat boga kayakinan, alam kudu dibédakeun jeung anu nyieunna, masarakat Cibodas dina mangsa harita boga kayakinan, alam bakal ngariksa urang lamun diriksa, sabalikna, lamun manusa geus ngaapilainkeun alam, tong nyalahkeun sasaha nalika alam ngawujud jadi jurig anu nyiliwuri, ririwa anu pinuh kacua, jeung hama ogé pageblug dimana-mana.  Ka Gusti mah béda deui, da Gusti Anu Suci lain mahluk. Kolot budak, lalaku awéwé kudu yakin kana ieu ugeran, lamun hirup hayang waluya, walatra, tur walagri!

-----
*) Jangjawokan keur tandur atawa nyimpen paré

Dikirim dari ponsel cerdas BlackBerry 10 saya dengan jaringan XL.

Posting Komentar

0 Komentar