Carita Nyambung : Ménak Anyar ( Hanca 9 )

Kang Acip geus apal, anu jadi budak kacida keyeng jeung mikareueus kana rupaning budaya Sunda, geus puguh kana pupuh, menca, jeung ngaregepkeun carita pawayangan ti anu jadi guruna mah,  Ki Méméd. Kolot kudu surti kana kaparigelan budak, ulah nepi kakeyeng budak nambleg dina dirina, teu mura dina kahirupan. Kapikir ku kabéhan ogé, geus jarang aya budak anu mikareueus kana budaya sorangan. Dina taun éta, barudak rumaja anu saentragan jeung Jang Aim, boro-boro museurkeun diri kana Kasundaan, malah sabalikna, leuwih milih mikareueus kana budaya deungeun. Dina taun 1978, ékspansi budaya deungeun karasa beuki mahabu. Tapi èta teu jadi soal, da jalma boga pilihan jeung pikiran séwang-séwangan. 

Paré hasil panén usum ieu dijual ka Kang Didin. Kang Acip geus boga maksud rék mangmeulikeun kasét- kasét kasundaan. Rebun-rebun kénéh geus ngajugjug ka dayeuh. Geus dibéjaan ku tatanggana, toko kasét biasana muka jam dalapanan, rebun-rebun kieu mah jarang aya toko anu geus muka. Kang Acip tetep ka dayeuh. Nya, geus di dayeuh mah arék naon baé ogé teu jadi sual! Kitu pikirna.

Jang Aim beuki sumanget. Kasét - kasét anu dibeuli ku bapana disetél unggal poé, balik sakola. Dina tilu poé ogé, tujuh welas pupuh geus kacangkem, sabari diajar jeung ngeusian pancén ti sakola biasa dibarengan ku kacapi suling. Bray dina dirina kaluar hiji kahayang, kudu bisa ngacapi jeung nyuling. Menca geus bisa, tapi salaku jalma anu mikareueus kana éta budaya, lain ukur bisa mencana, ogé kudu apal kumaha ngulinkeun waditrana. Mémang geus boga pikiran, teu kudu kabéh bisa, saheunteuna wanoh kumaha ngulinkeun waditra. Utamana kacapi jeung suling.

" Apa, Ema, Ujang badé ka Ki Méméd téh ngawitan énjing mah badé unggal dinten?"

" Naha, Sujang?"

" Badé diajar ngacapi sareng nyuling."

" Nya, sok baé. Ngan kadé, wanci sareupna kudu langsung balik, ngaji mah tong ditinggalkeun, Jang!"

Jang Aim geus ngomong ka Ki Méméd, hayang diajar ngacapi jeung nyuling. Ki Méméd lain jalma nu pedit ku pangarti. Katénjona bungah. Aya budak ngora malah kawilang budak kénéh tapi keyeng diajar rék menca, silat, komo ayeuna mah ditambah ku hayang bisa ngacapi jeung nyuling.

" Teu kudu unggal poé, saminggu sakali wé diajar ngacapi jeung nyuling mah, Jang." Ceuk Ki Méméd dibarengan seuri konéng. 

" Dinten naon baé, Ki? "

" Senén, Kemis, Jumaah, wé. Poé jumaah mah rempeg geura, Pa Aca ketua PGRI Kacamatan Lembursitu anu langsung ngalatihna ogé, rék kacapi atawa suling."

Ki Méméd méré bekel ka Jang Aim sababaraha peupeujeuh. Jalma malahan kabéh jalma moal hésé sangkan bisa ngajentréngkeun kacapi jeung niup suling. Tapi urang kudu nyaho. 

" Kacapi téh dicokot tina saripati kahirupan urang, Jang." Ceuk Ki Méméd. "Kacapi..." Tarang semu kerung. " Kadé Ucapan sing Tarapti. Tah èta harti kacapi. Ucapan urang ulah harus teuing, tapi kudu boga wirahma siga kacapi. Aya aturanna, aya nada-na. Ucapan kudu tarapti. Diprakkeun dina ieu kahirupan. "

" Upami suling?" Jang Aim panasaran. 

" Jentréng kacapi minangka wawakil kumaha sikep urang dina kahirupan masarakat. Anu matak ucapan kudu tarapti. Ngan hal éta can dianggap sampurna, lamun teu dibarengan ku suling, suluk ingsun ceuk sakaol mah. "

" Suluk ingsun?"

" Ati sanubari diri sorangan. Anu beresih, suci, bodas, kusabab deukeutna urang kanu Maha Suci. Jadi méméh bisa ngacapi jeung suling diri urang kudu beresih ucapan jeung haté. Sangkan kacapi jeung suling boga wirasa jeung wirahma. Anu matak, dina mangsa ka tukang mah kacapi jeung suling téh mangrupa média atawa alat keur ngahijikeun para gegedén anu adu renyom paloba-loba omong."

Bener, anu diajar ngacapi jeung nyuling kacida rempeg dina poé Jumaah mah. Mémang geus biasa, Pa Aca salaku ketua PGRI ngatik anu dialajar. Jang Aim teu béak pikir, jalma samodél Pa Aca aya ku daékan, leumpang ti Kadulawang nepi ka Kapitan anu jauhna kurang leuwih tilu kilométer ngan ukur keur ngatik anu diajar ngacapi jeung nyuling, padahal teu dibayar.

Da biasana ogé kitu ari jalma seni mah. Ceuk Pa Aca sorangan ngomongkeun ka Jang Aim, manéhna geus arék 30 taun ngajar di sakola. Keur nepi - ti imah - ka sakola kucara leumpang 4 kilométer. Keur Pa Aca mah biasa. 

" Anu penting matuh, sangkan matih!" Ceuk Pa Aca ka Jang Aim dina hiji poé. 


Dikirim dari ponsel cerdas BlackBerry 10 saya dengan jaringan XL.

Posting Komentar

0 Komentar