Cubluk Ma Emur

Saméméh pamaréntah ngaluarkeun kawijakan program sanitasi lingkungan ku ngawangun sababaraha MCK, arék MCK biasa atawa MCK Plus-plus.

Cubluk Ma Emur anu aya di wewengkon Balandongan Kidul kungsi ngawujud jadi MCK umum jeung digunakeun ku balaréa nepi ka taun 90-an ka tompérnakeun.

Cubluk, aya ogé jalma anu nyebut calubek mangrupa sumur déét, jerona kurang leuwih 2 méteran, caina hérang ngagenyas, waruga cubluk sorangan kacida basajan.

Pipidingna ku karung dirangkayan ku awi. Sisi cubluk ditémbok, lanténa mah cukup ku batu laleutik anu diéntép.

Cai hérang ngagenyas duméh kaluar tina cai nyusu, ceuk sakaol mah brasna ka Gunung Gedé.

Kaharti ogé ayeuna mah, pantes atuh dina taun 80-an loba carita cenah lembur Balandongan téh mangrupa jandéla tempat kaluarna Éyang Prabu Suryakencana.

Anu jelas, handapeun lembur Balandongan ngamalir sababaraha sumur purba, anu matak karék ngagali taneuh dua méteran ogé geus ngaburial cai hérang.

Cubluk Ma Emur aya dua bahagéan, cubluk kahiji sok dipaké mandi ku masarakat, cubluk anu kadua sok dipaké nyeuseuhan jeung gégérohan.

Tara tiiseun, ti wanci janari gedé geus ramé ku anu mandi jeung gégérohan, kudu ngadagoan hela batur bérés mandi nalika urang arék mandi. Lamun hayang mandi pangheulana, nya kudu méméh wanci janari gedé ka dinyana.

Geus puguh nalika mangsa asup ka bulan puasa. Anu mandi paheula-heula, teu kawas kiwari, tiap imah geus miboga jamban séwang-séwangan.

Dina taun 2004, nalika LKMD (Lembaga Ketahanan Masyarakat Desa) anu malih ngaran jadi LPM (Lembaga Pemberdayaan Masyarakat) ngaluarkeun program anyar ti pamaréntan anu disebut Program Pemberdayaan Masyarakat dan Pemerintah Daerah (P2MPD), cubluk Ma Emur diwangun, dijadikeun MCK Permanén.

Dua wangunan anyar ngadeg, jamban khusus keur awéwé jeung lalaki. Keur ngeusian bak digunakeun pompa listrik, di lembur mah sok disebut ‘sanyo’, nisbatkeun kana mérék prodak pompa cai.

Aya ku anéh, sanggeus diwangun ku dibéré ngaran MCK, cubluk anu sakuduna beuki ramé téh kalah beuki tiiseun. Sabab séjém nyaéta, dina taun 2000-an mah ampir kabéh imah geus boga jamban séwang-séwangan. Mandi, nyeuseuhan, jeung gégéroh henteu kudu ka cubluk deui.

Kawijakan pamaréntah ngeunaan sanitasi lingkungan ngiberkeun ka masarakat yén salah sahiji standar hirup anu séhat nyaéta miboga MCK di jero imah,dilengkepan ku septic-tank sagala.

Dumasar kana standar ti WHO ogé, hiji wewengkon disebut geus maju IPM-na nalika merhatikeun éta hal.

Masarakat milu baé kana naon anu diprogramkeun ku pamaréntah. Jamban geus aya di tiap imah, tapi balukar anu karasa nyaéta, ongkoh cara hirup kumbuh téh geus saluyu jeung naon anu sakuduna.

Ngan  nalika nénjo ka susukan, cai susukan sorangan geus teu bisa deui disebut beresih, beyedug lain ku leutak tapi ku kokotor rumah tangga.

Cara hirup masarakat antara taun 60-90an ku standar WHO bisa disebut kotor atawa kurang séhat, ngan anu karasa ku jalma mangsa harita nyaéta: cai susukan beresih, bisa diojayan, diturunan, jeung diubek  bari henteu ngarasa geuleuh.

Hal anéh séjén anu karasa ayeuna nyaéta, ongkoh MCK atawa jamban geus aya di tiap imah, tapi kana mandi teu pajanari-janari atawa paisuk-isuk deui. Inténsitas mandi ogé jadi leuwih jarang dibandingkeun jeung nalika tiap imah can boga jamban.

Cubluk Ma Emur sanajan aya dua calubek tapi dipaké atawa dimangpaatkeun ku balaréa.

Ku anu kungsi ngalaman mandi di éta cubluk, jigana masih karasa kénéh ku maha segerna cai dina wanci janari gedé nepi ka Abah Mandor Ja’i  ngucapkeun dunga di masigit:

الحمد لله الذي احيانا بعد ما اماتنا واليه النشور

Posting Komentar

0 Komentar