Umbul-umbul Kamerdékaan

KU KANG WARSA
GURU MTS RIYADLUL JANNAH – ANGGOTA PGRI KOTA SUKABUMI

Geus nepi umur tujuh puluh dua taun  nagara urang merdéka atawa mardika. Ngan  can bisa disebut geus cukup umur lamun anu dijadikeun dasar itungan umur ‘peradaban’ manusa. Kudu geus nepi ka 300-700 taun karék bisa disebut geus sawawa.

Sok sanajan kitu, dina mapag poé kamerdékaan nagara urang, jalma-jalma miboga rasa reueus, suka bungah, sagala éksprési dipintonkeun, sisi jalan kajaba dipinuhan ku bandéra beureum bodas,  ogé dipapaésan ku rupaning umbul-umbul.

Sababaraha taun ka tukang mah, umbul-umbul biasa dipasang ku masarakat nalika ka hiji wewengkon arék kadatangan ku gegedén atawa ménak.

Salian ti éta, umbul-umbul ogé biasa dipasang dina mapag kariaan séjén umpamana dina raraga ngareuah-reuah poé jadina hiji wewengkon, samenan, atawa aya acara pasanggiri jeung lomba tingkat désa atawa kelurahan.

Tapi henteu tiap aya acara penting masarakat kudu masangkeun umbul-umbul, umpamana dina poé lebaran; Idul Fitri jeung Idul Adha jarang masarakat anu masang umbul-umbul. Da keur poénan kariaan agama mah aya simbul séjén anu dipaké ku masarakat.

Lobana warna anu aya dina umbul-umbul mangrupa pesen kabungah. Ngébréhkeun yén ieu kahirupan éstuning dipinuhan ku rupa-rupa warna.

Dina mapag poé kamerdékaan, bangsa urang tara loba tatanya, kunaon bandéra maké kudu dipasang, umbul-umbul kudu minuhan sisi jalan?

Masarakat kalawan jembar manah marasangkeunna, teu kudu diaajak hela, langsung cleb baé masang bandéra jeung asésoris anu aya hubunganna jeung poé kamerdékaan.

Lain saukur bandéra jeung umbul-umbul, tiap wewengkon nyieun kaca-kaca atawa diorama. Aya anu nyieun tank waja, kakapalan,  bebegig jalma maraké baju pajoang, atawa saukur ngéntépkeun awi méncos tuluy dipulas ku warna beureum jeung bodas.

Di Kelurahan Cipanengah, Lembur Pangkalan, aya kabiasaan alus. Masarakat sok ngahaja nyieun réplika rupaning alat patali marga ( transportasi ). Dina Agustus taun kamari nyieun réplika perahu gedé, tah dina taun ieu mah ngahaja nyieun replica Karéta Api. Diteundeun di tengah sawah.

Di wewengkon lian, ngahaja nyieun gambar-gambar para pahlawan jeung pajoang anu keur bajoang ngalawan tantara Walanda. Ditambah ku kalimah: Merdéka atau Mati!

Ti sagigireun éta, kabiasaan anyar ogé dipintonkeun, teu saeutik,  ti saprak jalan diaspal jeung dialusan, tiap bulan Agustus, jalan-jalan dipulas ku apu/kapur, digambaran jeung ditulisan ku kalimah-kalimah samodél: Start-Finish, Selamat Datang di Kampung Kecil Sejuta Cerita, jrrd.

Kitu cara jalma dina ngébréhkeun rasa gumbira mapag poé kamerdékaan, henteu kudu dicawad da dilakonanna ogé sataun sakali. Peupeuriheun atuh milu bajoang ngusir penjajah mah teu kungsi kaalaman. Minimal dina diri urang boga rasa reueus jeung cinta  ka tanah air.

Posting Komentar

0 Komentar